selamat pagi semuanya hari senin harus semangat, :D
Pada kesempatan kali ini saya akan memposting tausiah namun dalam bahasa sunda kebetulan saya orang garut jadi kata guru saya tausiah menggunakan bahasa ibu atau daerah itu lebih bagus karena lebih mudah di mengerti. langsung aja
ASSALAMU’ALAIKUM WR WB
PEMBUKAAN
Hadirin dina kasempetan ieu simkuring bade ngaguar perkawis neraka.
Setiap jalmi pasti moal aya anu kersa lebet kana naraka bahkan jalmi anu kafir oge pasti alim di lebetkeun kana naraka, naraka nyaeta hiji tempat di alam akherat pikeun jalma anu teu ta’at ka alloh,anu sok ngalanggar kana aturan alloh,dimana dina tempat ieu jalma-jalma anu semasa hidup di alam dunya na sering ngadameul kamurtadan kamaksiatan,kamungkaran ku alloh baris di siksa kalawan siksa anu dahsyat,kalawan langgeng naudzubillah himindzalik.
Naraka ngagaduhan 7 tahapan sakumaha pidawuh alloh dina serat al hijr ayat 44
“Naraka ngagaduhan tujuh panto, pikeun masing-masing panto dihuni (sekelompok pendosa anu di tangtukeun)” (Qs al Hijr :44)
Diriwayatkeun waktos malaikat jibril turun ka dunia kanggo ngadugikeun wahyu alloh swt nyaeta al hijr ayat 44 rosululloh saw tumaros ka malaikat jibril kumaha kaayaan di naraka malaikat jibril ngawaler “wahai nabi alloh,saenyana dina naraka aya 7 panto,jarak antara masing-masing panto sejauh 70 tahun,sarta dina setiap panto ka panto nu sanes ngagaduhan siksaan anu lewih dahsyat sarta seneu anu lewih panas ,nami nami 7 panto eta nyaeta:
1. Hawiyah secara bahasa hawiyah hartosna nyaeta jurang, naraka ieu ku alloh di cawiskeun kanggo kaum munafik sareng kaum kafir.
2. naraka tahap kadua nyaeta naraka jahim anu di cawiskeun ku alloh kanggo kaum musyrik anu ngaduakeun alloh swt
3. Naraka tahap ka 3 di cawiskeun kanggo kaum sabian kaum sabian nyaeta kaum anu sok nyembah seneu.
4. Naraka tahap ka 4 nyaeta lazza naraka ieu kanggo setan sareng para pengikutna sarta kaum anu sok nyembah seneu
5. Naraka tahap ka 5 nyaeta naraka huthomah secara bahasa hutomah hartosna nyaeta ngahancurkeun dugi berkeping-keping naraka hutomah di cawiskeun kanggo kaum yahudi sareng nasrani.
6. Naraka tahap ka 6 nyaeta naraka sa’ir secara bahasa sa’ir hartosna nyaeta seneu anu membara naraka sa’ir dicawiskeun ku alloh swt kanggo kaum kafir
Ketika dugi ka penjelasan pintu nu ka7 malaikat jibril terdiam, rosululloh saw meminta malaikat jibril kanggo najelaskeun panto naraka tahap ka 7 malaikat jibril ngawaler “naraka tahap ka 7 ieu pikeun umat anjeun anu angkuh,nu maot tanpa menyesali kana dosa-dosana”
Ternyata naraka anu paling panas,anu paling dahsyat siksaana ku alloh di cawiskeun pikeun umatna kanjeung rosululloh anu sombong anu maot dina kaayaan teu menyesali dosa-dosa anu tos ku maranehna di lakukeun naudzubillahimndzalik.
Ngadangu cariosan di malaikat jibril yen naraka anu paling dahsyat ku alloh di cawiskeun pikeun umatna. rosululloh saw tungkul kalawan hate anu sedih duikakeun rosululloh pingsan, ketika sadar rosululloh nyarios ka malaikat jibril “wahai jibril, naha umatku bakal lebet naraka?”
Saparantos kajadian eta rosululloh henteu cumarios sareng sasaha salami sababaraha dinteun, sarta ketika solat anjeuna nangis kalawan tangisan anu begitu memilukan, dugikakeun sadayana para sahabat nabi ngiring nangis, para sahabat tumaros ka kanjeung nabi “kunaon anjeun nangis kalawan tangisan anu memilukan’ tapi rosululloh henteu ngawaler pertarosan ti eta sahabat.
Hadirin rohimakumulloh saenyana urang sadayana teu acan terang naha urang sadayana kalebet kana golongan penghuni surga atanapi golongan penghuni naraka, ku margi kitu hayu urang sami-sami berusaha kanggo ngalaksanakeun sagala parentah alloh sarta ngajauhan sagala larangan alloh supados urang sadayana di lebetkeun kana surga alloh sareng di jauhkeun dina naraka alloh swt amien
penutupan
jika salah mohon koreksinya yaa
Tidak ada komentar:
Posting Komentar